ataukah kalian hendak melupakannya?? jangannnnnnn doooooongggggg. itu adalah kesenian asli indonesia, kesenian negara kita. nah kita intip yu tentang angklung kesenian khas jawa barat ini.
dalam bahasa sunda,,,, bahasa lahir ku..
Angklung nyaéta alat musik tradisional Sunda nu dijieun tina awi, dimaénkeun ku cara dieundeukkeun
(awak buku awina neunggar sarigsig) sahingga ngahasilkeun sora nu ngageter dina
susunan nada 2, 3, nepi ka 4 dina unggal ukuranana, boh nu badag atawa nu
leutik. Laras (nada) nu dipaké angklung tradisional Sunda biasan .
Sajarah
Dina kasenian Sunda, nu migunakeun alat musik tina awi di antarana angklung
jeung calung. Anapon awi nu sok dipaké nyieun ieu alat
musik biasana tina awi wulung (awi nu kelirna hideung) jeung awi temen (kelir bodas).
Sada nu kaluar tina angklung jeung calung asalna sarua, nyaéta tina solobong
awi nu ngelentrung lamun ditabeuh (diadu).
Angklung geus dipikawanoh ku masarakat Sunda ti jaman karajaan Sunda, di antarana pikeun ngagedurkeun
sumanget dina pangperangan. Fungsi angklung pikeun ngahudang sumanget ieu jadi
sabab dicaramna ieu kasenian ku pamaréntah jajahan Hindia Walanda.
Kasenian angklung kiwari leuwih mekar deui, ku ayana unsur ibing luyu jeung
kapentinganana, misalna dina upacara ngarak paré kana leuit
(ngampih paré, nginebkeun) jeung dina mangsa mitembeyan melak paré (ngaseuk).
Pon kitu deui dina mangsa panén jeung sérén taun, nu ilaharna aya acara
arak-arakan nu kadang dibarengan ogé ku réngkong
jeung dongdang.
Rupa-rupa angklung
Angklung Kanékés
Di wewengkon Kanékés,
angklung utamana dipaké patali jeung upacara-upacara tatanén, lalin keur
hiburan. Angklung dipaké nalika melak paré di huma jeung ngubaran paré (tilu
bulan sanggeus dipelak). Sanggeus dipaké, angklung disimpen dina upacara
musungkeun angklung.
Pikeun tujuan hiburan, angklung ilaharna dipidangkeun nalika caang bulan
jeung teu hujan. Ieu hiburan téh digelar di buruan bari nembang, di antarana Lutung
Kasarung, Yandu Bibi, Yandu Sala, Ceuk Arileu, Oray-orayan,
Dengdang, Yari Gandang, Oyong-oyong Bangkong, Badan
Kula, Kokoloyoran, Ayun-ayunan, Pileuleuyan, Gandrung
Manggu, Rujak Gadung, Mulung Muncang, Giler, Ngaranggeong,
Aceukna, Marengo, Salak Sadapur, Rangda Ngendong, Celementre,
Keupat Reundang, Papacangan, jeung Culadi Dengdang.
Angklung Dogdog Lojor
Kasenian dogdog lojor ayana di masarakat Kasepuhan
Pancer Pangawinan atawa masarakat adat Banten Kidul
nu sumebar di sabudeureun Gunung Halimun.
Najan kasenian ieu ngaranna dogdog lojor, luyu jeung salasahiji alat musikna,
ieu kasenian dilengkepan ogé ku angklung, sabab patali jeung upacara adat paré.
Unggal geus panén, masarakat ngayakeun acara Sérén Taun di puseur kampung adat
(imah kokolot) anu biasana pindah-pindah luyu jeung paréntah tina wangsit.
Tradisi ngamulyakeun paré di ieu masarakat masih terus lumangsung, kusabab
masarakatna masih pengkuh kana adat baheula. Dumasar pitutur turun-tumurun, ieu
masarakat adat ngaku salaku turunan para prajurit karaton Pajajaran barisan
Pangawinan (prajurit nu marawa tumbak). Najan kitu, masarakat kasepuhan ieu
geus lila ngagem Islam sarta narima kana modérenisasi. Luyu jeung kamekaran
ieu, dogdog lojor ogé kadang sok midang dina acara nyunatan, ngawinkeun, sarta
karaméan lianna.
Kasenian dogdog lojor dimaénkeun ku genep urang nu nyepeng alat musikna
séwang-séwangan, nyaéta dua dogdog lojor jeung opat angklung gedé, nu masing-masing
boga ngaran: gonggong, panémbal, kingking, jeung inclok (noron ti nu
pangbadagna).
Lagu-lagu dogdog lojor di antarana Balé Agung, Samping Hideung,
Oléng-oléng Papangantén, Si Tunggul Kawung, Adulilang,
jeung Adu-aduan.
Upami di Sukabumi kasohorna Dogdog loyor pangrojong dina
acara panen.
Angklung Gubrag
Angklung gubrag ayana di kampung Cipining, kecamatan Cigudeg, Bogor. Ieu angklung umurna geus kolot,
dipaké dina upacara melak, ngunjal, jeung ngadiukkeun paré ka leuit. Dumasar
carita turun-tumurun, ieu angklung téh mimiti aya dina hiji mangsa paceklik.
Badéng
Badéng téh mangrupakeun kasenian nu asalna ti Sanding, Malangbong, Garut. Bentuk kasenian angklung ieu
dipaké pikeun kapentingan da'wah Islam, kira abad ka-16 atau 17. Harita, Arpaén jeung Nursaen (dua warga
Sanding), diajar Islam ka Demak.
Samulangna ti Demak, aranjeunna nyumebarkeun ajaran Islam ka masarakat Sanding
hususna migunakeun kasenian badéng.
Angklung nu dipaké dina pintonan badéng aya salapan: angklung roél dua,
angklung kecer hiji, angklung indung jeung bapa opat, jeung dua angklung anak
anu dibarengan ku dogdog dua, terebang atawa gembyung dua, jeung kecrék hiji.
Rumpaka tembangna maké basa Sunda nu
euyeub ku istilah basa Arab, nu
kadieunakeun ogé ditambah ku basa Indonésia. Eusi rumpakana taya lian ti ajén
-inajén Islam jeung pitutur. Pidangan ieu kasenian kadang ogé dibarengan ku
debus nu mintonkeun élmu-élmu kawedukan.
Tembang-tembang badéng anu kawentar, di antarana Lailaha illalloh, Ya’ti,
Kasréng, Yautika, Lilimbungan, jeung Solaloh.
Buncis
Buncis téh seni pintonan nu watekna hiburan, nu utamana kawentar di
wewengkon Baros (Arjasari, Bandung).